Lirik Panganten
Bismillah damel wiwitan
Mugi Gusti nangtayungan
Salamet nu pangantenan
Aya dina kabagjaan
Wilujeng pangantenan
Wilujeng laki rabi
Mungkas lalagasan
Mugia runtut raut
Sauyunan salawasna
Sakinah mawadah warohmah
Ngambah sagara kahirupan
Geugeut layeut silih asih
Sakiblat imam jeung makmum
Di jalan kasalametan
Dipaparing katurunan
Nu saroleh tur sholehah
Iman taqwa istiqomah
Ngahontal husnul khotimah
Wilujeng pangantenan
Wilujeng laki rabi
Mungkas lalagasan
Mugia runtut raut
Sauyunan salawasna
Sakinah mawadah warohmah
Ngambah sagara kahirupan
Geugeut layeut silih asih
Sakiblat imam jeung makmum
Di jalan kasalametan
Dipaparing katurunan
Nu saroleh tur sholehah
Iman taqwa istiqomah
Ngahontal husnul khotimah
Bismillah bismillah damel wiwitan
Mugi Gusti nangtayungan
Salamet salamet nu pangantenan
Aya dina aya dina kabagjaan