Lirik Lamunan
Daun kalapa nu oyag katebak angin
Siga gupayna
Kawas gupayna nu lawas ilang
Kasawang deui nembongan deui
Asih munggaran nu teu kahontal
Dina lamunan
Mun seug manehna kiwari aya gigireun
Meurenan hate moal tagiwur
Dirungrung gandrung
Atuh kamana? Naha di mana
Ukur ngolebat dina lamunan
Dina lamunan
Unggal tempat tos dipapay
Manehna taya laratan
Unggal beja nu katampa
Dijugjug waleh teu aya
Kembang-kembang katresna
Nu kungsi nyambuang
Ukur tinggal wa’asna
Nyeungitan lamunan
Mun seug manehna kiwari aya gigireun
Meurenan hate moal tagiwur
Dirungrung gandrung
Atuh kamana? Naha di mana
Ukur ngolebat dina lamunan
Dina lamunan
Unggal tempat tos dipapay
Manehna taya laratan
Unggal beja nu katampa
Dijugjug waleh teu aya
Kembang-kembang katresna
Nu kungsi nyambuang
Ukur tinggal wa’asna
Nyeungitan lamunan
Unggal tempat tos dipapay
Manehna taya laratan
Unggal beja nu katampa
Dijugjug waleh teu aya
Kembang-kembang katresna
Nu kungsi nyambuang
Ukur tinggal wa’asna
Nyeungitan lamunan
Komentar untuk Lamunan (113)
ngopi bari niis di saung

sing Husnul khatimah
duuhh iyee lagu Gusti ya Allah emut ka ALM Emma bapak pasosore ngumpul bari nga danggukeun musik ALM darso sareng yayan Jatnika sok nyeredet hate teh,,, Alfatihah ka sadaya nu tos teu araya Aamiin 🤲🥺🥺

teu bosen2 ngadangukeun ieu lagu
aku orang Melayu tapi suka banget dengerin lagu Sunda meskipun gak tau artinya
hobaaaa
Aamiin.. pguhan emut kanu tos teu araya 🥲🥲
duuhh iyee lagu Gusti ya Allah emut ka ALM Emma bapak pasosore ngumpul bari nga danggukeun musik ALM darso sareng yayan Jatnika sok nyeredet hate teh,,, Alfatihah ka sadaya nu tos teu araya Aamiin 🤲🥺🥺
mantull
ok
jadi hayang balik ka lembur ari tos ngadangu lagu ieu teh😭😭😭😭
ni waas sore2 nga danguken lagu iue
😭