Lirik Tunggul Rahayu
Halimun di pucuk gunung
Nyimutan tangkal kiara
Nguluwut jauh ti indung
Anggang kanu jadi bapa
Kiara anu harita
Kiwari kari tunggulna
Hirup nandangan tunggara
kasaha muntangkeun rasa
Indung teh tunggul rahayu
Bapa mah tangkal darajat
Munjung teh kudu ka indung
Muja mah kudu ka bapa
Ari indung anu ngandung
Ari bapa nu ngayuga
Moal rek munjung ka gunung
Moal muja ka sagara
Indung teh tunggul rahayu
Bapa mah tangkal darajat
Munjung teh kudu ka indung
Muja mah kudu ka bapa
Ari indung anu ngandung
Ari bapa nu ngayuga
Moal rek munjung ka gunung
Moal muja ka sagara
Ari indung anu ngandung
Ari bapa nu ngayuga
Moal rek munjung ka gunung
Moal muja ka sagara
Halimun di pucuk gunung
Nyimutan tangkal kiara
Nguluwut jauh ti indung
Anggang kanu jadi bapa
Lagu terkait
Komentar untuk Tunggul Rahayu (17)
mantap
Meni waas
adem banget,👍👍👍

aya papatah nu kudu di regepkn ku urg sadaya
nyeredet gusti😭😭
sae lagu na ❤❤❤❤❤
sedih ngadanguna duh hoyong nangkeup neng wina 😀😀

asyiikk👍
mantuulll👍👍
sanes muja k gunung sr k guha
munjung mah kudu ka indung,,muja kudu ka bapak,,,danguken ✌️✌️