Dengarkan Tibelat lagu dari Group Sunda dengan lirik

Tibelat

Group Sunda17 Jun 2014

Lirik Tibelat

Tibelat - Group Sunda

Composed by:Nano S

Ukur sareret teuteup saliwat

Tapi duriat tumapel masket

Matih lir peurah diri sumerah

Kumambang asih

Neang pangeunteupan deudeuh

Diri ngambang kabandang kajamparing ku manehna

Diri nguyung kapentang ngalanglayung ku manehna

Kamana atuh kamana

Neang manehna

Metik atina

Sareret jeung saliwat

Mawa tibelat

Sesah hilapna

Reret manehna

Teuteup manehna

Seukeut pamorana

Ngahudang cinta

Gandrung tibelat

Liwung kabandang

Hate micangcang

Beurang jeung peuting

Raray kagambar

Hate gemeter

Hayang patepung

Sugan asih bisa nyanding

Diri ngambang kabandang kajamparing ku manehna

Diri nguyung kapentang ngalanglayung ku manehna

Kamana atuh kamana

Neang manehna

Metik atina

Sareret jeung saliwat

Mawa tibelat

Sesah hilapna

Jamparing asih

Nembus kadeudeuh

Daya asmara

Kembangna cinta

Ukur sareret teuteup saliwat

Tapi duriat tumapel masket

Matih lir peurah diri sumerah

Kumambang asih

Neang pangeunteupan deudeuh

Diri ngambang kabandang kajamparing ku manehna

Diri nguyung kapentang ngalanglayung ku manehna

Kamana atuh kamana

Neang manehna

Metik atina

Sareret jeung saliwat

Mawa tibelat

Sesah hilapna

Reret manehna

Teuteup manehna

Seukeut pamorana

 

Ngahudang cinta

Komentar untuk Tibelat (20)

Ikhwan
Ikhwan

adeum te karaos TOS puh sepuh 🤭

ME🌹🌺
ME🌹🌺

emut nuju sakola ngapalkeun lagu ieu kangge pentas kenaikan kelas.....nembe emut Abi tos kolot😂

boy reza
boy reza

asa nyeredet lagu ieu emut k zmn baheula ternyata urg teh ges kolot

kuat haryoko
kuat haryoko

sae pisan lagu na

Barita Munthe
Barita Munthe

lirikna teaya...

dheiias
dheiias

sesah hilapna

tiya
tiya

kamana atuh neangan manehna

Lastri Lestari
Lastri Lestari

sareret Jeung saliwat aduhhh maniissss'a

Nur Habib
Nur Habib

Arek nyanyi mohon lirikna

aiyooo
aiyooo

tar saya cariin lirik nya maaf baru on