Lirik Ngalanglayung
Hujan girimis
Murubut maseuhan damis
Reumbayna citangis
Sumegruk hate ngalengis
Seuseuiteun
Sok sieun kawas nu eunggeus
Mitineung tibarang panggih
Ngan ukur mawa kasedih
Kuharianeun
Anjeun dipisanding deungeun
Sanajan hate leutik mah teu mikeun
Nu akhirna kabungah ganti ku bingung
Duh geuring nangtung ngalanglayung
Pileuleuyan buah hate
Kiwari geus teu malire
Ngan saukur ka kuring meumeuli hate
Horeng anjeun buktina midua hate
Pileuleuyan pileuleuyan
Kiwari sewang-sewangan
Sugan tea anjeun teh seja miheman
Ayeuna mah ngan saukur panineungan
Kuharianeun
Anjeun dipisanding deungeun
Sanajan hate leutik mah teu mikeun
Nu akhirna kabungah ganti ku bingung
Duh geuring nangtung ngalanglayung
Pileuleuyan buah hate
Kiwari geus teu malire
Ngan saukur ka kuring meumeuli hate
Horeng anjeun buktina midua hate
Pileuleuyan pileuleuyan
Kiwari sewang-sewangan
Sugan tea anjeun teh seja miheman
Ayeuna mah ngan saukur panineungan
Pileuleuyan buah hate
Kiwari geus teu malire
Ngan saukur ka kuring meumeuli hate
Horeng anjeun buktina midua hate
Pileuleuyan pileuleuyan
Kiwari sewang-sewangan
Sugan tea anjeun teh seja miheman
Ayeuna mah ngan saukur panineungan