Dengarkan lagu Jangji Kamari nyanyian Nazmi Nadia dengan lirik

Jangji Kamari

Nazmi Nadia, Anjar Boleaz28 Dis 2022

Lirik Jangji Kamari

Pupusna hareupan

 

Dedeuh cinta urang

Firasat aya nu lian

 

Anjeun mah sulaya

 

Pinuh sandiwara

Boa anjeun pindah rasa

 

Kungsi matri jangji

Satia saati

Mugia sing paheut deui

 

Hate nu honcewang

Waas neteup bulan

Estu ngantos anjeun mulang

 

Geulis sing percaya

Akang mah satia

Tuh bulan bentang saksina

 

Najan anggang raga

Kahalang sagara

Mung anjeun nu di picinta

 

Jangji nu kamari

Teu kungsi kaganti

Pageuh teu laas ku wanci

 

Tebih dina soca

Mung cakeut di du'a

Cinta urang salamina

 

Mana jangji akang nubaheula

Mana sumpah engkang nu bihari

Hanas abdi nganti siang wengi

Horeng ngan ukur

Mere hareupan

 

Luhurna gunung moal matak

Jadi kabendung

Lega sagara

Teu bisa megatkeun rasa

 

Eta jangji akang sautuhna

Tuh bulan saksina

Tuh bentang saksina

Sumpah jangji

Dugi ka ahir dunya

 

Tuh bulan saksina

Mawa beja

Asih urang geuning

Ditungtung carita

Bentang teu nyarengan

Ningalkeun hate nu melang

Ukur ka anjeun

Diri neundeun hareupan

Duh mugi Gusti

Kiatkeun diri

 

Tali a'sih urang

Sing janten ngahiji

Najan lobana gogoda

Tumiba ka diri

Ukur anjeun nu jadi

Cinta sajati

 

Mana jangji akang nubaheula

Mana sumpah engkang nu bihari

Hanas abdi nganti siang wengi

Horeng ngan ukur

Mere hareupan

 

Luhurna gunung moal matak

Jadi kabendung

Lega sagara

Teu bisa megatkeun rasa

 

Eta jangji akang sautuhna

Tuh bulan saksina

 

Tuh bentang saksina

Sumpah jangji

Dugi kaahir dunya

 

Tuh bulan saksina

Mawa beja

Asih urang

Geuning ditungtung carita

Bentang teu nyarengan

Ningalkeun hate numelang

 

Ukur ka anjeun

Diri neundeun hareupan

Duh mugi Gusti

Kiatkeun diri

 

Tali asih urang sing

Janten ngahiji

Najan lobana gogoda

Tumiba ka diri

Ukur anjeun nu jadi

 

Cinta sajati