Lirik Kasaha
Kasaha atuh kasaha kuring kudu cumarita
Ngedalkeun rasa kacinta nu nyongkabna dada
Kamana atuh kamana nyimpaykeun rasa katresna
Geus lawas hirup nyorangan lalagasan
Kasaha atuh kasaha namplokkeun kasono
Kasaha atuh kasaha ngaitkeun kaasih
Kasaha atuh kasaha nyiramkeun kaheman
Kasaha atuh kasaha ulah ngan ukur lamunan
Kacipta meureun endahna lamun kahayang kadongkang
Kacipta pisan bagjana lamun arepan laksana

mantap lagu nya