Lirik Lembur Kakasih
Lembur Kakasih - Hetty Koes Endang
Written by:Nano S
Tuh
Pengkolan anu bras ka jalan gede
Nu mawa guligah hate
Tuh
Cirina tangkal anu ngarandakah
Nu linduh tempat bumetah
Tuh
Lemburna
Kahalang sawah jeung pasir
Nu mawa seredet geter
Tuh
Walungan
Nu bersih herang
Caina sawening rasa cintana
Didinya gelarna
Cinta munggaran
Didinya harepan
Mekar kembangan
Endah panineungan teu
Kasilih pedah pisah
Tumapel teu ilang ilang
Nembongan satiap waktu
Duriat mancang
Kakangen manteng
Lembur teh lemah kakasih
Pangancikan pangbalikan
Welas hate wening bersih
Tuh
Pengkolan
Anu bras ka jalan gede
Nu mawa guligah hate
Tuh
Cirina tangkal
Anu ngarandakah
Nu linduh tempat bumetah
Tuh
Lemburna
Kahalang sawah jeung pasir
Nu mawa seredet geter
Tuh
Walungan
Nu bersih herang caina
Sawening rasa cintana
Didinya
Gelarna cinta munggaran
Didinya
Harepan mekar kembangan
Endah panineungan teu
Kasilih pedah pisah
Tumapel teu ilang ilang
Nembongan satiap waktu
Duriat mancang
Kakangen manteng
Lembur teh lemah kakasih
Pangancikan pangbalikan
Welas hate wening bersih
Duriat mancang
Kakangen manteng
Lembur teh lemah kakasih
Pangancikan pangbalikan
Welas hate wening bersih
Lagu terkait
Komentar untuk Lembur Kakasih (2)
nineung ku jauhna
lewat pasir miring