Dengarkan Bendungan Cibaliung lagu dari Gasentra Pajampangan dengan lirik

Bendungan Cibaliung

Gasentra Pajampangan, Opan6 Okt 2022

Lirik Bendungan Cibaliung

Datang mangsa nu di jangjian

 

Rek ulin jeung babaturan

 

Ka bendungan panguseupan

Mawa jeujer jeung eupan

Sewang-sewangan

 

Belah kidul kota Pandeglang

Aya tempat pangulinan

 

Tempat nu ngeplak caina

 

Bendungan Cibaliung katelahna

 

Warga Banten sabilulungan

Ngawujudkeun pangwangunan

Alam subur jeung pertanian

Digarap pikeun kawalatraan

 

Rarakitan bari garogonjakan

 

Mancing lauk pikeun babacakan

Tak didinya tempat pangjugjugan

Ti jalma leutik reujeung juragan

 

Di sisi bendungan Cibaliung

 

Murak liwet sakabeh ngariung

Ngan kiwari bendungan teh eukeur nguyung

Hayang di rawat ku para papayung

 

Datang mangsa nu di jangjian

Rek ulin jeung babaturan

 

Ka bendungan panguseupan

Mawa jeujer jeung eupan

Sewang-sewangan

 

Belah kidul kota Pandeglang

Aya tempat pangulinan

Tempat nu ngeplak caina

 

Bendungan Cibaliung katelahna

 

Warga Banten sabilulungan

Ngawujudkeun pangwangunan

 

Alam subur jeung pertanian

Digarap pikeun kawalatraan

 

Rarakitan bari garogonjakan

 

Mancing lauk pikeun babacakan

Tak didinya tempat pangjugjugan

Ti jalma leutik reujeung juragan

 

Di sisi bendungan Cibaliung

 

Murak liwet sakabeh ngariung

Ngan kiwari bendungan teh eukeur nguyung

Hayang di rawat ku para papayung

 

Rarakitan bari garogonjakan

 

Mancing lauk pikeun babacakan

Tak didinya tempat pangjugjugan

Ti jalma leutik reujeung juragan

 

Di sisi bendungan cibaliung

 

Murak liwet sakabeh ngariung

Ngan kiwari bendungan teh eukeur nguyung

Hayang di rawat ku para papayung

Ngan kiwari bendungan teh eukeur nguyung

 

Hayang di rawat ku para papayung