Lirik Hianat
Langit nu angkeub nu poék mongkléng
Tungkeubna kapeurih diri
Nyaliksik nyeuri ati
Balilihan
Sepi jemplingna duh indung peuting
Marengan nalangsa diri
Anjeunna hianat cinta
Pupulasan
Diri bati kaduhung
Ka saha kudu nyalindung
Geuring nangtung ngalanglayung
Lir nu linglung
Hanas diri sumerah demi cinta
Teu sangka anjeun téga (ha)
Luas ngahianat
Nganyenyeri diri abdi
Sepi jemplingna duh indung peuting
Marengan nalangsa diri
Anjeunna hianat cinta
Pupulasan
Diri bati kaduhung
Ka saha kudu nyalindung
Geuring nangtung ngalanglayung
Lir nu linglung
Hanas diri sumerah demi cinta
Teu sangka anjeun téga (ha)
Luas ngahianat
Nganyenyeri diri abdi
Komentar untuk Hianat (4)
mantap lagu nya
Aneh gak sama dengan kenyataannya, selalu hanya bathin yg bicara tapi sikap orang di dekat old man memperlihatkan tembok pemish pd hl gelap
asa meuni wa'as
pengen bobo