
Lirik Kukupu
Kukupu - L.S. Sekar Gumilang
Lyrics by:Anonymous
Composed by:Anonymous
Hiber deui kukupu hiber teu nangan
Mawa beja harewos beja ti taman
Hiber deui kukupu hiber teu nangan
Mawa beja harewos beja ti taman
Beulah batu palias lain wiwitan
Boga deui sembaheun ti pawenangan
Lain eta kukupu ti kahiyangan
Boga deui sembaheun ukur impian
Hayang leumpang ka jalan nu can kasorang
Cenah nanjak tarahal ceuk nu popoyan
Geuning bulan sumiratna bengras pisan
Dina balong ngalangkang lir ngagupayan
Rek ngajugjug ka leuwi nu panghieumna
Hayang nyaho jerona hate manusa
Rek neuleuman mun bisa rek ditulungan
Kajeun jungkrang
Mun beunang rek dipuntangan
Lagu terkait
Lagu Populer