Da Bongan (Pop Sunda) 歌词
Aaaaaaaaaaaa
Rimbung jati jadi ciri cinta saati
Tangkal camara saksina neundeun carita
Dua haté nu keur ngait meungkeut diri sarénghapan
Kiwari paturay kedah patebih
Lain maksud udar jangji pikeun saati
Bongan sumpah nu harita taya buktina
Najan leubeut ku kadeudeuh
Najan pinuh ku kanyaah
Wayahna atuh da dalah kumaha
Keur anteng mikadeudeuh
Keur meujeuhna miasih
Angin peuting ngahiliwir mawa béja
Lain rék percaya lain rék sulaya
Da bongan atuh dalah kudu kumaha
Nyeuri peurih kiwari geus kapanggih
Rarungsing nalangsa nu taya piubareunana
Nyeuri peurih kiwari nu kasorang
Rajét haté da bongan ku didinya
Keur anteng mikadeudeuh
Keur meujeuhna miasih
Angin peuting ngahiliwir mawa béja
Lain rék percaya lain rék sulaya
Da bongan atuh dalah kudu kumaha
Nyeuri peurih kiwari geus kapanggih
Rarungsing nalangsa nu taya piubareunana
Nyeuri peurih kiwari nu kasorang
Rajét haté da bongan ku didinya