收听Wina的Dimana Bapak歌词歌曲

Dimana Bapak

Wina2019年11月11日

Dimana Bapak 歌词

Ibu ari bapa téh di mana

Ari bapa téh kamana

Hoyong tepang sareng bapa

Ku hoyong terang rupina

Di mana atuh ibu

Deudeuh teuing anak ibu anu bageur

Hidep tos nincak dewasa

Can nyaho dirupa bapa geulis

Keur hidep jero kandungan

Bapa téh kungsi amitan

Rék néangan pagawéan

Tapi henteu mulang-mulang

Na kunaon bapa téh teu mulang-mulang

Pami ibu ngawidian

Abdi seja milarian

Mugi-mugi tiasa patepang

Abdi téh seja amitan

Jung anaking ibu ngajurung

Bapa hidep geura susul

Harepan sing tinekanan

Du'a ibu nu marengan

Duh Gusti nu maha suci

Abdi sumerah diri

Mung kanu maha agung

Abdi mundut pitulung

Pami ibu ngawidian

Abdi seja milarian

Mugi-mugi tiasa patepang

Abdi téh seja amitan

Jung anaking ibu ngajurung

Bapa hidep geura susul

Harepan sing tinekanan

Du'a ibu nu marengan

Duh Gusti nu maha suci

Abdi sumerah diri

Mung kanu maha agung

 

Abdi mundut pitulung