收聽Yanti的Di Langit Bandung歌詞歌曲

Di Langit Bandung

Yanti2014年9月16日

Di Langit Bandung 歌詞

 

Di Langit Bandung - Yanti Aryanto

Composed by:Koko Koswara

Jangjang peuting geus ngalingkup

Ngarungkupan dayeuh Bandung

Anu hibar sinar lampu

Panto ati geus narutup

Mipindingan kawih asih

Anu halon tur halimpu

Geus paanggang geuning urang panjauh

Rek ka saha diri nyungkem nyaluuh

Nu diungsi geuning nu diteangan

Duh ieung teu tembong-tembong

Geuning taya ngiberan

Di lalangit-langit Bandung

Ngempur hurung bulan keur manggung

Dilelemah lemah Bandung

Kapidangdung-kapidangdung

Diri ditudundung

Di lalangit-langit Bandung

Ngempur hurung bulan keur manggung

Dilelemah lemah Bandung

Kapidangdung-kapidangdung

Diri ditudundung

Jangjang peuting geus ngalingkup

Ngarungkupan dayeuh Bandung

Anu hibar sinar lampu

Panto ati geus narutup

Mipindingan kawih asih

Anu halon tur halimpu

Geus paanggang geuning urang panjauh

Rek ka saha diri nyungkem nyaluuh

Nu diungsi geuning nu diteangan

Duh ieung teu tembong-tembong

Geuning taya ngiberan

Di lalangit-langit Bandung

Ngempur hurung bulan keur manggung

Dilelemah lemah Bandung

Kapidangdung-kapidangdung

Diri ditudundung

Di lalangit-langit Bandung

Ngempur hurung bulan keur manggung

Dilelemah lemah Bandung

Kapidangdung-kapidangdung

 

Diri ditudundung