Garut Intan 歌詞
Garut Intan - Darso (Asep Darso)
Harita teh wanci pasosore
Na mangsa poe nu halodo panjang
Ngalanglangan wetan kidul
Kota bandung
Bras ka kadungora leles
Oge kaliwatan
Jog anjog ka kota garut
Cikuray nangtawing haruman ngadago
Guntur nambahan kapaur
Kuring harita
Pedah panggih jeung
Manena anu geulis
Di cipanas pisan
Pada pada ngeueumkeun rasa
Maling toel ocon panon
Kuring teh kataji pisan
Anjeun lir inten gumilang
Luyu jeung landian kotana
Garut kota intan pangirutan
Manis lir sigah dodolna
Kareueut ninggal imutna
Sok sanajan tebih
Kuring mah manteng miheman
Harita teh wanci pasosore
Na mangsa poe nu
Halodo panjang
Ngalanglangan wetan
Kidul kota bandung
Bras ka kadungora leles
Oge kaliwatan
Jog anjog ka kota garut
Cikuray nangtawing
Haruman ngadago
Guntur nambahan kapaur
Kuring harita
Pedah panggih jeung
Manena anu geulis
Di cipanas pisan
Pada pada ngeueumkeun rasa
Maling toel ocon panon
Kuring teh kataji pisan
Anjeun lir inten gumilang
Luyu jeung landian kotana
Garut kota intan pangirutan
Manis lir sigah dodolna
Kareueut ninggal imutna
Sok sanajan tebih
Kuring mah manteng miheman
Anjeun lir inten gumilang
Luyu jeung landian kotana
Garut kota intan pangirutan
Manis lir sigah dodolna
Kareueut ninggal imutna
Sok sanajan tebih
Kuring mah manteng miheman