收聽Sundanis的Batan Nganggur歌詞歌曲

Batan Nganggur

Sundanis2023年2月13日

Batan Nganggur 歌詞

Batan Nganggur - Sundanis

Lyrics by:Irwan Ernawan

Composed by:Irwan Ernawan

Produced by:Bornfri Situmorang

Batan nganggur

Mending cara batur

 

Nyoba usaha

Dagang sora

 

Goreng jeung

Alus nomer dua

 

Anu penting na

Mah urang nyoba

 

Mugi-mugi

Jalma baroseneun

Ku loba lagu

Anu ngeunaheun

 

Sing papaheula panasaran

Meuli sora kuring

Nu pas-pasan

 

Sabab loba

Pisan mangpaatna

 

Batan meuli

Barang nu teu guna

 

Mangka sing gancang

Geura boga

 

Lumayan batan

Katabrak beca

 

Kahayang ngalamar

Ka kantoran

Tapi sok tara

Aya lowongan

 

Nu aya ge

Malah dikurudan

 

Komo nu keur

Ngamimitian

 

Nyoba usaha

Jual-beli

Loba ngajual

Batan meuli

 

Nginjeum duit

Modal usaha

Teu dibere da

Euweuh buruhna

 

Mending ge milih

Ngembangkeun bakat

 

Najan bakat

Bakat ku butuh

 

Tibatan kuring

Barang penta

 

Mending dagang

Sora bari maksa

 

Cita-cita hayang

Jadi doktor

Najan ngodok nu

Kotor-kotor

 

Komo nu

Dikodok na bahenol

 

Lumayan najan

Leutik honor

 

Lantaran tara

Aya bejana

Doktor nu hirup

Na sangsara

 

Teu cara dukun

Anu di lembur

Saeutik gawe

Lobana nganggur

 

Matak jadi jalma

Kudu pinter

 

Ngarah heunteu

Gampang kabalinger

Neangan gawe

Pasti teu sulit

 

Komo bari

 

Dibarengan duit