Lirik Sancang Cijulang
Pungkal pengkol jalan na
Iuh jeung linduh tangkalna
Ngaroyom dahan daun na
Mapaesan alam endah
Harita datang kadinya
Teu sangka geuning teu sangka
Bakal tepang jeung nyi lenjang
Sagagang kembang impian
Mipir gawir nu lungkawing
Mapay jungkrang nu longkewang
Kungsi arek nitip diri
Rek neundeun rasa kadeudeuh
Ka kembang nu hegar ligar
Sanajan bari jeung anggang
Arek nemragkeun kahayang
Balaka ngedalkeun cinta
Antara sancang cijulang
Aya angin ngahariring mawa jangji
Antara sancang cijulang
Aya teuteup anu minuhan kadeudeuh
Antara sancang cijulang
Aya cinta nu munggaran
Antara sancang cijulang
Aya cinta langgeng salawasna
Pungkal pengkol jalan na
Iuh jeung linduh tangkalna
Ngaroyom dahan daun na
Mapaesan alam endah
Harita datang kadinya
Teu sangka geuning teu sangka
Bakal tepang jeung nyi lenjang
Sagagang kembang impian
Mipir gawir nu lungkawing
Mapay jungkrang nu longkewang
Kungsi arek nitip diri
Rek neundeun rasa kadeudeuh
Ka kembang nu hegar ligar
Sanajan bari jeung anggang
Arek nemragkeun kahayang
Balaka ngedalkeun cinta
Antara sancang cijulang
Aya angin ngahariring mawa jangji
Antara sancang cijulang
Aya teuteup anu minuhan kadeudeuh
Antara sancang cijulang
Aya cinta nu munggaran
Antara sancang cijulang
Aya cinta langgeng salawasna
Komentar untuk Sancang Cijulang (10)
Jero lagu nyah ,sehat sllu musisi Sunda

sono kanu tos teu aya ,

Emut ka nyi lenjang nu ayeuna janten istri😁
jadi nineung kanu jauh ,sedih

beuleum sampeu+cikopi hideung
uing urg sancang sedih eyy
siap

ayo dong kang Yayan di set ulang lagu lagu wa Darso,yakin kg Yayan yg bakal satu satunya penerus sang legenda pop suda

lagu bagus
Komo posisi na nuju ngarantau mh nya
jadi nineung kanu jauh ,sedih