Duriat Pegat 歌詞
Duriat Pegat - Gasentra Pajampangan/Nina
Lyrics by:Yana Kermit
Composed by:Yana Kermit
Bumi nu anjeunna
Langit nu anjeunna
Sapangeusi alam dunya
Mungguh kersaning anjeunna
Tur sagala mahlukna
Kalebet urang sadaya
Teu aya nu jadi kajaba
Eta kagungan anjeunna
Jodo nu anjeunna
Pati nu anjeunna
Susah senang lara bagja
Gumantung kana kodratna
Kitu deui jodo urang
Kapan kahayang mah manjang
Buktina geuning papegat
Najan kabeungkeut duriat
Ya Allah mugia abdi sing kiat
Dina nampi ieu kodrat
Panginten ieu tos gurat
Duriat kedah papegat
Abdi pasrah hamo nolak
Ya Allah abdi panceg kayakinan
Salira nu maha rohman
Tangtos aya kasaean
Sagedengeun kapeurihan
Ya Allah salira nu murbeng alam
Jodo nu anjeunna
Pati nu anjeunna
Susah senang lara bagja
Gumantung kana kodratna
Kitu deui jodo urang
Kapan kahayang mah manjang
Buktina geuning papegat
Najan kabeungkeut duriat
Ya Allah mugia abdi sing kiat
Dina nampi ieu kodrat
Panginten ieu tos gurat
Duriat kedah papegat
Abdi pasrah hamo nolak
Ya Allah abdi panceg kayakinan
Salira nu maha rohman
Tangtos aya kasaean
Sagedengeun kapeurihan
Ya Allah salira nu murbeng alam
Ya Allah salira nu murbeng alam
jos