收聽Rita Tila的Gapura Cinta歌詞歌曲

Gapura Cinta

Rita Tila2023年2月20日

Gapura Cinta 歌詞

Gapura Cinta - Rita Tila

Lyrics by:Wiharlan

Composed by:Wiharlan

Dina gapura cinta anjeun datang

 

Datang némbongan

Mawa panghareupan

Mekarkeun kembang katresna

 

Dina jandela rasa anjeun pasrah

Dirangkul asmara

Teu daya nampi kaasih

Nu meulit jeroning ati

 

Munggaran kenal nu teu pira

 

Tepang na uleman

 

Waktos harita réréncangan

 

Pésta panganténan

 

Dina gapura nya di dinya

 

Janten panineungan

Salira neuteup semu geugeut

Imut bangun ngaheureuyan

 

Gapura cinta jalan nu munggaran

Medalna asmara

 

Gapura cinta lawangna kahéman

Pantona katresna

Gapura cinta dipapaés kembang

Kembang pangharepan

 

Gapura cinta weweg ajeg panceg

Lir asih urang duaan

 

Dina gapura cinta urang silih

Rangkulkeun panangan

Geterna nembus kana dada

Ngahudang rasa kahéman

 

Munggaran kenal nu teu pira

 

Tepang na uleman

 

Waktos harita réréncangan

 

Pésta panganténan

 

Dina gapura nya di dinya

 

Janten panineungan

Salira neuteup semu geugeut

Imut bangun ngaheureuyan

 

Gapura cinta jalan nu munggaran

Medalna asmara

 

Gapura cinta lawangna kahéman

Pantona katresna

 

Gapura cinta dipapaés kembang

Kembang pangharepan

 

Gapura cinta weweg ajeg panceg

Lir asih urang duaan