收聽3 Pemuda Berbahaya的Sakur Ngimpi歌詞歌曲

Sakur Ngimpi

3 Pemuda Berbahaya, Sallsa Bintan2024年5月19日

Sakur Ngimpi 歌詞

Sakur Ngimpi - 3 Pemuda Berbahaya/Sallsa Bintan

Lyrics by:Dose Hudaya

Composed by:Dose Hudaya

Saprak anjeun ngaleos

Ngabeubeutkeun duriat

Hirup asa nunggeulis

Hate mararinggis

Saprak anjeun ninggalkeun

Ngararajet cinta urang

Pikiran baluweng

Pinuh ku emutan

Sagala rasa kabawa anjeun

Saparo nyawa ngilu

Ka anjeun

Nikmati hirup leungit

Teu nyesa

Teuing kamana

Letah teu mirasa

Sagala karasa pait

Sare gulang guling

Hese peureum

Kahayangmah ieu

Teh sakur ngimpi

Anu ngageuingkeun urang

Tina kasombongan diri

Kahayangmah waktu

Teh ngulang deui

Sabulan anu katukang

Basa silih keukeupan

Ngahelas kaleungitan

Ngorejat seseblakan

Lieuk euweuh lieuk euweuh

Ngagugulung lamunan

Ngarep-ngarep sakur ngimpi

Ngarep-ngarep anjeun datang

Tiap detik ge tatanya

Dimana anjeun

Letah teu mirasa

Sagala karasa pait

Sare gulang guling

Hese peureum

Kahayangmah ieu

Teh sakur ngimpi

Anu ngageuingkeun urang

Tina kasombongan diri

Kahayangmah waktu

Teh ngulang deui

Sabulan anu katukang

Basa silih keukeupan

Ngahelas kaleungitan

Ngorejat seseblakan

Lieuk euweuh lieuk euweuh

Ngagugulung lamunan

Ngarep-ngarep sakur ngimpi

Ngarep-ngarep anjeun datang

Tiap detik ge tatanya

 

Dimana anjeun