
Hariring Kuring 歌詞
Hariring Kuring - Caca Handika
Written by:Ibu Mursih/Djuhari/U. Suryana/Kosaman Jaya/Caca Handika/A. Budiman/Benny Corda/Iar Wiarsih
Tengah peuting
Keur jemplang jempling
Kuring nyaring
Teu genah cicing
Hate melang
Sumoreang
Buah ati lawas teu patepang
Cuang cieung abdi sorangan
Nunggelis di
Pangumbaraan
Lieuk deungeun lieuk lain
Taya pisan
Geusang pamuntangan
Rek sasambat kasaha nyanyambat
Suwung dulur walura sobat
Sangsang badan titipkeun nyadiri
Iwal tika gusti nu yang widi
Hiliwirkeun duh angin peuting
Pangnepikeun hariring kuring
Kajungjunan nu ngantosan
Kawih ati nur keur rungsing pusing
Cuang cieung abdi sorangan
Nunggelis di pangumbaraan
Lieuk deungeun lieuk lain
Taya pisan geusang pamuntangan
Rek sasambat ka saha nyanyambat
Suwung dulur walura sobat
Sangsang badan titipkeun nyadiri
Iwal tika gusti nu yang widi
Hiliwirkeun duh angin peuting
Pangnepikeun hariring kuring
Kajungjunan nu ngantosan
Kawih ati nur keur rungsing pusing
Kawih ati nur keur rungsing pusing