Lirik Mawar Bodas
Mapay jalan satapak
Ngajugjug ka hiji lembur
Henteu malirika cape
Sabab aya nu diteang
Hujan angin dor dar gelap
Taya pisan keur ngiuhan
Sanajan awak rancucud
Bet asa karunya teuing
Pajar cenah asal nepi
Ka tempat anu dituju
Rék ngalongok mawar bodas
Kembang nu jadi impian
Sugan téa moal gagal
Kembang téh aya nu boga
Balik gé jiga horéam
Leumpangna jiga ngalayang
Teu disawang ti anggalna
Teu dipikir ti tadina
Anjeun ulah nyeuri haté
Lantaran tacan pasini
Néangan pipanyakiteun
Néangan pipanyakiteun
Teu disawang ti anggalna
Teu dipikir ti tadina
Anjeun ulah nyeuri haté
Lantaran tacan pasini
Néangan pipanyakiteun
Néangan pipanyakiteun
Mapay jalan satapak
Ngajugjug ka hiji lembur
Henteu maliré kacapé
Sabab aya nu diteang
Hujan angin dor-dar gelap
Taya pisan keur ngiuhan
Sanajan awak rancucud
Bet asa karunya teuing
Pajar cenah asal nepi
Ka tempat anu dituju
Rék ngalongok mawar bodas
Kembang nu jadi impian
Sugan téa moal gagal
Kembang téh aya nu boga
Balik gé jiga horéam
Leumpangna jiga ngalayang
Teu disawang ti anggalna
Teu dipikir ti tadina
Anjeun ulah nyeuri haté
Lantaran tacan pasini
Néangan pipanyakiteun
Néangan pipanyakiteun
Teu disawang ti anggalna
Teu dipikir ti tadina
Anjeun ulah nyeuri haté
Lantaran tacan pasini
Néangan pipanyakiteun
Néangan pipanyakiteun