Lirik Roda Berputar
Wanoja nu panggih harita
Duka saha duka urang mana
Adu teuteup ukur saliwatan
Tapi matri na ati ka papanjangan
Kabayang-bayang kudu kama naneang
Ka impi-impi kudu kamana milari
Rumasa gandrung kapidangdung
Ngalanglayung teu sidikna gering nangtung
Ukur bisa nga dua neda kanu kawasa
Mugi aya ridona pendak deui jeng manehna
Cunduk waktu ninggang mangsa
Bagja diijabah dua tepung jeng panutan rasa
Di Tasikmalaya
Diwahana alam parung Tasikmalaya
Jadi wanoh ngawalan carita cinta
Diwahana alam parung Tasikmalaya
Geugeut raket geugeut dugin ka ayena
Ukur bisa nga dua neda kanu kawasa
Mugi aya ridona pendak deui jeng manehna
Cunduk waktu ninggang mangsa
Bagja diijabah dua tepung jeng panutan rasa
Di Tasikmalaya
Diwahana alam parung Tasikmalaya
Jadi wanoh ngawalan carita cinta
Diwahana alam parung Tasikmalaya
Geugeut raket geugeut dugin ka ayena