
Lirik Pupunden Ati
Duh anak ibu
Nu geulis pupunden ati
Geus bisa ulin
Geus capetang jeung ngopepang
Teu weleh deudeuh
Najan bangor toloheor
Tambah kanyaah
Sarengkak saparipolah
Duh anak ibu
Nu geulis pupunden ati
Ibu ngahariring
Lain hariring birahi
Duh bari nembang
Lain perbawa asmara
Dieyong-eyong
Lain ngeyong teu sabongbrong
Jungjunan ibu
Nu geulis pupunden ati
Duh boga anak
Indung wuwuh mikayungyun
Reup geura peureum
Geus peuting sepi ngajempling
Diayun ayun
Barina dihariringan
Lagu terkait
Lagu Populer