Lirik Cinta Nu Nganteng
Aah basa caang bulan narawangan
Urang na teras ngobrol duaan
Dina teteup nu ka sorot bulan
Aya kanyaah
Ku asa nyaah
Kacida nyaah
Datang angin leutik ngahiliwir
Sorana lirih asa hariring
Dituturkeun ku harewos anjeun
Aya kadeudeuh
Ku asa deudeuh
Kacida deudeuh
Cinta nu nganteng
Ka asih nu nail
Cangreudkeun cing pageuh tong lesot deui
Antep cinta urang
Endah kumalayang
Napak mega ngawang-ngawang
Cinta nu nganteng
Ka asih nu nail
Cangreudkeun cing pageuh tong lesot deui
Pasini jadikeun
Paanteur tineung
Cinta jucung ka bale nyungcung
Aah basa caang bulan narawangan
Urang na teras ngobrol duaan
Dina teteup nu ka sorot bulan
Aya kanyaah
Ku asa nyaah
Kacida nyaah
Datang angin leutik ngahiliwir
Sorana lirih asa hariring
Dituturkeun ku harewos anjeun
Aya kadeudeuh
Ku asa deudeuh
Kacida deudeuh
Cinta nu nganteng
Ka asih nu nail
Cangreudkeun cing pageuh tong lesot deui
Antep cinta urang
Endah kumalayang
Napak mega ngawang-ngawang
Cinta nu nganteng
Ka asih nu nail
Cangreudkeun cing pageuh tong lesot deui
Pasini jadikeun
Paanteur tineung
Cinta jucung ka bale nyungcung
Cinta nu nganteng
Ka asih nu nail
Cangreudkeun cing pageuh tong lesot deui
Antep cinta urang
Endah kumalayang
Napak mega ngawang-ngawang
Cinta nu nganteng
Ka asih nu nail
Cangreudkeun cing pageuh tong lesot deui
Pasini jadikeun
Paanteur tineung
Cinta jucung ka bale nyungcung