
Surat Ondangan 歌词
Surat Ondangan - Yana Kermit
Lyrics by:Yana Kermit
Composed by:Yana Kermit
Na mangsa hujan girimis
Tanggal tilu poé Kemis
Nu datang surat ondangan
Geuning anjeun rék réréndéngan
Seungitna kembang malati
Teu saseungit nu kamari
Na mangsa patali jangji
Urang maheutkeun pasini
Kiwari tinggal lamunan
Katresna urang duaan
Ukur dina pangimpian
Kagambar keur réréndéngan
Naha ku téga salira
Megatkeun tali katresna
Bari jeung naon lepatna
Lepat akang ka salira
Bulan-bulan tulungan
Ieu haté keur nyorangan
Kadieu kuring baturan
Bisi kajurung lamunan
Bulan-bulan dagoan
Urang nyawang babarengan
Sugan baé kaubaran
Méh teu pondok panghareupan
Kiwari tinggal lamunan
Katresna urang duaan
Ukur dina pangimpian
Kagambar keur réréndéngan
Naha ku téga salira
Megatkeun tali katresna
Bari jeung naon lepatna
Lepat akang ka salira
Bulan-bulan tulungan
Ieu haté keur nyorangan
Kadieu kuring baturan
Bisi kajurung lamunan
Bulan-bulan dagoan
Urang nyawang babarengan
Sugan baé kaubaran
Méh teu pondok pangharepan
Bulan-bulan tulungan
Ieu haté keur nyorangan
Kadieu kuring baturan
Bisi kajurung lamunan
Bulan-bulan dagoan
Urang nyawang babarengan
Sugan baé kaubaran
Méh teu pondok pangharepan