Tihang Janur 歌词
Kirang langkung sataun
Abdi mios ninggalkeun lembur
Jeung bebende nu kacida
Di pibeurat di picinta
Basa abdi rek miang
Pada jangji paheut pisan
Urang rek silih antosan
Najan lami najan anggang
Ayeuna abdi mulang
Bari pinuh ku hareupan
Pikiran sapanjang jalan
Endah anu karandapan
Tapi gening buktina
Ngajenghok reuwas kacida
Hate galecok tumanya
Aya naon boa boa
Ninggal tihang janur
Nu melengkung na gang nu bras ka bumina
Yeuh hate tagiwur aduh
Paur piraku anjeun sulaya
Awi tihang janur
Nu melengkung na gang nu bras ka bumina
Nu dipika paur aduh bingung
Nyata anjeun sulaya
Rerendengan pangantenan
Tinggal abdi nu nyorang
Katunggaraan
Ayeuna abdi mulang
Bari pinuh ku hareupan
Pikiran sapanjang jalan
Endah anu karandapan
Tapi gening buktina
Ngajenghok reuwas kacida
Hate galecok tumanya
Aya naon boa boa
Ninggal tihang janur
Nu melengkung na gang nu bras ka bumina
Yeuh hate tagiwur aduh
Paur piraku anjeun sulaya
Awi tihang janur
Nu melengkung na gang nu bras ka bumina
Nu dipika paur aduh bingung
Nyata anjeun sulaya
Rerendengan pangantenan
Tinggal abdi nu nyorang
Katunggaraan