收听Darso的Kembang Tanjung Panineungan歌词歌曲

Kembang Tanjung Panineungan

Darso2021年5月28日

Kembang Tanjung Panineungan 歌词

Kembang Tanjung Panineungan - Darso (Asep Darso)

Anaking jimat awaking

 

Basa Ema mulung tanjung rebun-rebun

 

Di pakarangan nu reumis keneh

 

Harita keur kakandungan ku hidep

 

Geus opat taun ka tukang

Ema nyipta mulung bentang

 

Nu marurag peuting tadi

 

Bentang seungit ditiiran pangangguran

 

Anaking jimat awaking

 

Basa Ema mulung tanjung rebun-rebun

 

Bet henteu sangka aya nu datang

 

Ti gunung rek ngabejakeun bapa hidep

 

Nu opat poe teu mulang

Ngepung gunung mager bitis

 

Cenah tiwas peuting tadi

 

Layonna keur kadieukeun dipulangkeun

 

Harita waktu layonna geus datang

 

Ema ceurik ieung balilihan

 

Ras ka hidep ieung na kandungan

 

Utun inji budak yatim deudeuh teuing

 

Harita waktu layon geus digotong

 

Ema inget ieung kana tanjung

 

Dikalungkeun na pasaran

 

Kembang asih panganggeusan ieung ti duaan

 

Anaking jimat awaking

 

Basa Ema mulung tanjung reujeung hidep

 

Kasuat-suat nya pipikiran

 

Tapina kedalna teh ku hariring

 

Hariring eling ku eling

 

Kana tanjung nu dipulung eh

 

Kembang tanjung nu nyeungitan pakarangan

 

 

Nu nyeungitan hate urang panineungan