
Lirik Anjeun
Anjeun - Group Sunda
Composed by:Nano S
Teu aya deui nu mikancinta iwal anjeun
Teu aya deui nu mikamelang iwal anjeun
Pangnyaahna sadunya pangbageurna sadunya iwal anjeun
Anu heman tur daria anu jangji satia ngan ukur anjeun
Duh aduh aduh
Hate bagja bisa papanggih jeung anjeun
Duh aduh aduh
Hate reugreug aya sagigireun anjeun
Ngan saeutik hanjakalna
Lamun tepang osok ngajak rurusuhan
Dasar kudu kanyahoan
Horeng anjeun geus rimbitan
Teu aya deui nu jadi pikir iwal anjeun
Teu aya deui nu kagundamkeun iwal anjeun
Inggis beunang ku batur
Inggis bogoh ka batur iwal anjeun
Unggal peuting babacaan
Mapatkeun pelet asihan husus keur anjeun
Duh aduh aduh
Kurang dahar kurang sare mikir anjeun
Duh aduh aduh
Hayang deukeut hayang geugeutngan jeung anjeun
Dasar kudu kanyahoan
Ngirim surat salah ngasupkeun eusina
Gurat sial jeung cilaka
Putus ka ditu ka dieu
Gurat sial jeung cilaka
Putus ka ditu ka dieu