
Lirik Kingkilaban
Kingkilaban - Euis Purnama
Composed by:Engkos K
Dina ranggon
Panyileukan
Panineungan jungjunan
Pamantalan
Teuteupan geus anggang pisan
Hate kuring
Hanjakal geus katalimbeng
Ngan hariring
Nu mepende lelembutan
Jempling peuting
Nambahan ka rudet kuring
Geus ka impleng
Kalebuh tandaning melang panutan
Ting gurilap lir salempay
Kingkilaban jungjunan
Rek nyaangan
Kanu keur katunggaraan
Sakedapan alam padang narawangan
Nu kasmaran lir bentang anu baranang
Kakupingna ngaharewos lalaunan
Ngan seahna
Parakan baranang siang jungjunan
Lagu Berkaitan
Lagu Popular