Dengarkan lagu Tunggul Rahayu nyanyian Gita Sintya dengan lirik

Tunggul Rahayu

Gita Sintya15 Jul 2015

Lirik Tunggul Rahayu

Halimun di pucuk gunung,

Nyimutan tangkal kiara

Nguluwut jauh ti Indung

Anggang kanu jadi Bapa

Kiara anu harita,

Kiara anu harita,

Kiwari kari tunggulna

Kiwari kari tunggulna

Hirup nandangan tunggara

Hirup nandangan tunggara

Kasaha muntangkeun rasa

Kasaha muntangkeun rasa

Indung teh tunggul rahayu

Indung teh tunggul rahayu

Bapa mah tangkal darajat

Bapa mah tangkal darajat

Munjung teh kudu ka Indung

Munjung teh kudu ka Indung

Muja mah kudu ka Bapa

Muja mah kudu ka Bapa

Ari indung anu ngandung

Ari indung anu ngandung

Ari bapa nu ngayuga

Ari bapa nu ngayuga

Moal rek munjung ka gunung

Moal rek munjung ka gunung

Moal muja ka sagara

 

Moal muja ka sagara