Runtah Lyrics
Runtah - Damara De
Lyrics by:Doel Soembang
Composed by:Doel Soembang
Panonna alus irung
Alus biwir alus
Ditempo ti hareup ti
Gigir mani mulus
Ngan hanjakal pisan
Kalakuan siga sian
Gunta-ganti jalu teu
Sirikna unggal minggu
Naha kunaun nu geulis
Loba nu bangor
Naha kunaon nu bangor
Loba nu geulis
Sigana mah ngarasa asa
Aing hadé rupa
Bisa payu ka sasaha
Tungtungna jadi cilaka
Kulit kelir konéng cangkang cau
Huntuna bodas tipung tarigu
Biwir beureum-beureum jawér hayam
Panon coklat kopi susu
Ngan naha atuh beut dimumurah
Géblég hirup daék jadi runtah
Ulah bangga bisa gunta-ganti jalu
Komo jeung poho dibaju
Panonna alus irung alus biwir alus
Ditempo ti hareup
Ti gigir mani mulus
Ngan hanjakal pisan
Kalakuan siga sétan
Gunta-ganti jalu teu
Sirikna unggal minggu
Naha kunaun nu geulis
Loba nu bangor
Naha kunaon nu bangor
Loba nu geulis
Sigana mah ngarasa asa
Aing hadé rupa
Bisa payu ka sasaha
Tungtungna jadi cilaka
Kulit kelir konéng cangkang cau
Huntuna bodas tipung tarigu
Biwir beureum-beureum jawér hayam
Panon coklat kopi susu
Ngan naha atuh beut dimumurah
Géblég hirup daék jadi runtah
Ulah bangga bisa gunta-ganti jalu
Komo jeung poho dibaju
Kulit kelir konéng cangkang cau
Huntuna bodas tipung tarigu
Biwir beureum-beureum jawér hayam
Panon coklat kopi susu
Ngan naha atuh beut dimumurah
Géblég hirup daék jadi runtah
Ulah bangga bisa gunta-ganti jalu
Komo jeung poho dibaju