Lirik Pangandaran
Ombak basisir Pangandaran
Cing jelegur nganter simpena peting
Bentang marengan pating karetit
Nyinglarkn kahieum ati
Hapunten mun anjeun kageuri
Kurasa nu sumarambah
Kudiri nu teu daek ngarti
Tetep nganti harepan
Anu teu surti
Abdi ngaheruk ngumbar cimata
Hayang budal ramisakna rasa
Mapalerkn rundayan katineung
Nu ngan ukur mawa ka perih
Mung ka gusti abdi sumerah diri
Nyanggak sadaya daya
Teu wasa nandangan tunggara
Mugi di singlarkn sirung katresna
Hapunten mun anjeun kageuri
Kurasa nu sumarambah
Ku diri nu teu daek ngarti
Tetep nganti harepan
Anu teu surti
Abdi ngaheruk ngumbar cimata
Hayang budal ramisakna rasa
Mapalerkn rundayan katineng
Nu ngan ukur mawa ka perih
Mung ka gusti abdi
Sumerah diri
Nyanggak sadaya daya
Teu wasa nandangan tunggara
Mugi di singlarkeun sirung katresna