Lirik Kamelang
Kamelang pinuh ku rasa hariwang
Hariwang pinuh ku rasa salempang
Sok inggis ka asih anu geus ngancik
Kagoda pindah asih kanu lian
Mun beurang sok mindeng kokolebatan
Ngolebat dina jero panglamunan
Sok sieun kadeudeuh anu geus pageuh
Ngolembar pindah asih kanu lian
Tali asih anu geus ngancik na ati
Katresna nu mangkak jeroeun dada
Urang riksa ku duaan
Urang siram ku duaan
Sangkan manjang cinta urang salalamina
Lain teu percaya ka salira duh jungjunan
Lain ku cangcaya ka salira
Tapi bongan rasa kahariwang
Bongan rasa kasalempang
Sok sieun pindah asih kanu lian
Kamelang pinuh ku rasa hariwang
Hariwang pinuh ku rasa salempang
Sok inggis ka asih anu geus ngancik
Kagoda pindah asih kanu lian
Mun beurang sok mindeng kokolebatan
Ngolebat dina jero pang lamunan
Sok sieun kadeudeuh anu geus pageuh
Ngolembar pindah asih kanu lian
Tali asih anu geus ngancik na ati
Katresna nu mangkak jeroeun dada
Urang riksa ku duaan
Urang siram ku duaan
Sangkan manjang cinta urang salalamina
Lain teu percaya ka salira duh jungjunan
Lain ku cangcaya ka salira
Tapi bongan rasa kahariwang
Bongan rasa kasalempang
Sok sieun asih pindah kanu lian
Lain teu percaya ka salira duh jungjunan
Lain ku cangcaya ka salira
Tapi bongan rasa kahariwang
Bongan rasa kasalempang
Sok sieun pindah asih kanu lian
Komentar untuk Kamelang (2)
arenakeun atuh laguna Mang Yayan Jatnika mah ๐๐๐
ari lagu na yayat jatnika kumaha
arenakeun atuh laguna Mang Yayan Jatnika mah ๐๐๐