Dengarkan Midua Rasa lagu dari Asep Ibut dengan lirik

Midua Rasa

Asep Ibut13 Apr 2020

Lirik Midua Rasa

Midua Rasa - Asep Ibut

Na tungtung peuting

Bulan nutupan caangna

Siga teu nolih ka ieu rasa

Nu dina dada

Nyumput na méga

Nu geuneuk hideung maleukmeuk

Kamelang teu weléh nyayang

Tumapel ka diri anjeun

Kecap jeung kiceup

Katingali rada béda

Réngkak polah samar rasa

Aya rasa ka anu lian

Anjeun teu miboga tresna

Sagala nu ku kuring dirasa

Dak dumadak teu puguh rasa

Anjeun téh ku téga teuing

Na kunaon geuning anjeun

Cidra tina rasa cinta

Padahal kurang kumaha

Diri kuring mikadeudeuh

Ka diri anjeun

Anjeun nunda asih lian

Satukangeun midua rasa

Ukur boga diri anjeun

Tapi henteu cinta anjeun

Kecap jeung kiceup

Katingali rada béda

Réngkak polah samar rasa

Aya rasa ka anu lian

Anjeun teu miboga tresna

Sagala nu ku kuring dirasa

Dak dumadak teu puguh rasa

Anjeun téh ku téga teuing

Na kunaon geuning anjeun

Cidra tina rasa cinta

Padahal kurang kumaha

Diri kuring mikadeudeuh

Ka diri anjeun

Anjeun nunda asih lian

Satukangeun midua rasa

Ukur boga diri anjeun

 

Tapi henteu cinta anjeun