Lirik Bangbung Hideung (Acoustic)
Bambung hideung
Bara-bara teuing diri
Leuheung bari dianggo ka suka galih
Situ pinuh balong jero
Bebendon sareung bebendu unggal ti salira junga
Awi teh pangajul buah
Lantaran ti kitu
Sora bedil luhur mega paripaos
Teu paya lepat saeutik
Diri abdi kagamparan
Eeeh banondari nu geulis kawanti wanti
Nu endah na malih warna puputon kembang kadaton
Jungjunan
Lamun teu kauntun tipung
Katambang beas laksana kapiduriat
Matak paeh ngabale bangke
Matak edan leuleuweungan
Matak paeh ngabale bangke
Matak edan leuleuweungan
Matak paeh ngabale bangke
Matak edan leuleuweungan
Aduh alah iyeung da leuleuweungan
Asol asolali waung waung wae
Asol asol asolali waung waung wae
Aya ucap paribasa
Sarung bantal mungguh cipruk seep saputangan hiji
Ceurik balas ku nalangsa abdi nalanga
Nguping hujan tengah weungi di imah keueung sorangan
Nguping hujan tengah weungi di imah keueung sorangan
Diimah keueung sorangan
Nyangigir asa gigireun nangkarak asa luhureun
Nyangigir asa gigireun nangkarak asa luhureun
Aduh alah iyeung asa luhureun
Asol asolali waung waung wae
Asol asol asolali waung waung wae
Jung nangtung asa lanjung
Gek diuk asa tiguling
Leumpang asa da ngalong kewang