Lirik Duriat Pegat
Bumi nu anjeuna
Langit nu anjeuna
Sapangeusi alam dunya
Mungguh keursaning anjeuna
Jeung sagala mahlukna
Kalebet urang sadaya
Taya nu jadi kajaba
Eta kagungan anjeuna
Jodo nu anjeuna
Pati nu anjeuna
Susah senang lara bagja
Gumantung kana kodratna
Kitu deui jodo urang
Kapan kahayang mah manjang
Buktina geuning papegat
Najan kabeungkeut duriat
Ya Allah mugia abdi sing kiat
Dina nampi ieu kodrat
Panginten ieu tos gurat
Duriat kedah papegat
Abdi pasrah hamo nolak
Ya Allah abdi panceg keyakinan
Salira nu maha rohman
Tangtos aya kasaean
Sagedengan kapeurihan
Ya Allah sae ratu murbeng alam
Jodo nu anjeuna
Pati nu anjeuna
Susah senang lara bagja
Gumantung kana kodratna
Kitu deui jodo urang
Kapan kahayang mah manjang
Buktina geuning papegat
Najan kabeungkeut duriat
Ya Allah mugia abdi sing kiat
Dina nampi ieu kodrat
Panginten ieu tos gurat
Duriat kedah papegat
Abdi pasrah hamo nolak
Ya Allah abdi panceg keyakinan
Salira nu maha rohman
Tangtos aya kasaean
Sagedengan kapeurihan
Ya Allah sae ratu murbeng alam
Ya Allah sae ratu murbeng alam
Lagu terkait
Komentar untuk Duriat Pegat (29)
duriat bucat
sae di aransemen deui lagu2 na di tambih gamelan ku angklung atanapi musik semi remix kekinian, instro na asa tos jadul ,🤭🙏
kagennn bandung GK tau kpn ke bdg lgh 😭
niceee
mantapPisanLaguNa
beuhhh :") lagu tehh mani etta pisan
kuk
Sok gacong kitu 😁😁
inget ka bapa pas nj jaman gacong ,,
raos pisan
😭