Lirik Syukur Jeung Bagja
Syukur Jeung Bagja - Doel Sumbang
Lyrics by:Doel Sumbang
Composed by:Doel Sumbang
Manusa pangsangsarana
Nu ngarasa kurang wae
Najan hirup sarwa aya
Lubak libuk harta banda
Omat ulah kajongjonan
Harta lamun salah mawa
Jadi pangbeubeurat hisab
Dina yaumal qiamah
Manusa nu pangbengharna
Anu salawasna syukur
Ikhlas jeung ngarasa cukup
Najan mindeng kakurangan
Pupus melang tong hariwang
Ibadah bari ikhtiar
Anu maha welas asih
Moal reureuh mikadeudeuh
Miskin lain alesan keur luh lah
Sugih lain alesan keur tanggah
Nasib mah ukur lalakon
Maju mundur kuma urang
Nasib mah ukur lalakon
Hayu syukur ulah kufur
Lain kabagjaan nu ngalantarankeun syukur
Tapi bisa syukur ikhlas nu ngalantarankeun bagja
Manusa nu pangbengharna
Anu salawasna syukur
Ikhlas jeung ngarasa cukup
Najan mindeng kakurangan
Pupus melang tong hariwang
Ibadah bari ikhtiar
Anu maha welas asih
Moal reureuh mikadeudeuh
Miskin lain alesan keur luh lah
Sugih lain alesan keur tanggah
Nasib mah ukur lalakon
Maju mundur kuma urang
Nasib mah ukur lalakon
Hayu syukur ulah kufur
Lain kabagjaan nu ngalantarankeun syukur
Tapi bisa syukur ikhlas nu ngalantarankeun bagja
Komentar untuk Syukur Jeung Bagja (10)
mntep
menghadapi hidup di dunia ini mesti banyak berdoa dan sabar
insya'allah diajar syukur abah.
ibadah bari ikhtiar...
ku iklasmah anu berat jadi hampang... hirupmah ulah luhlah senah broo...
sae pisan kang
SAE Kang..👍
liriknya sangat berbobot
Syukur jeung Bagja 🤲🙏👍 Hatur nuhun laguna alus pisan kang 👍👍👍
leres..