Lirik Katineung Ati
Hujan ngarinrincik
Mareungan simpena peuting
Ras anjeun nu teu aya
Di pundut kunu kawasa
Kabayang babanyolan nana
Ngalangkang tingkah polahna
Karaos pisan kanya'ahna
Asa mo aya gantina
Rasa kasono hese mapalerkeun nana
Rasa asih jeung katineung
Moal rek sirna ku mangsa
Ngagulungna jeuro dada
Ukur keclakna cimata
Nu jadi tilam ka eling
Duh pileuleuyan
Duh Gusti nu maha suci
Mugi anjeuna kaleubeut
Ahli Surga nu sajati
Kiatkeun nu di kantunna
Tumarima kana kadar
Sing sabar reujeung tawekal
Pidu'a abdi nyareungan
Rasa kasono hese mapalerkeun nana
Rasa asih jeung katineung
Moal rek sirna ku mangsa
Ngagulungna jeuro dada
Ukur keclakna cimata
Nu jadi tilam ka eling
Duh pileuleuyan
Duh Gusti nu maha suci
Mugi anjeuna kaleubeut
Ahli Surga nu sajati
Kiatkeun nu di kantunna
Tumarima kana kadar
Sing sabar reujeung tawekal
Pidu'a abdi nyareungan