收聽Doel Sumbang的Teteh歌詞歌曲

Teteh

Doel Sumbang, Asep Balon, Sarah Saputri2024年5月6日

Teteh 歌詞

Teteh - Doel Sumbang/Asep Balon/Sarah Saputri

Lyrics by:Doel Sumbang

Composed by:Doel Sumbang

Lamun lain teteh awewena

 

Kelaanan kudu kawin harita

Lamun lain teteh awewena

 

Terus terang can hayang jadi bapa

 

Boro-boro rumah tangga

 

Pan geus puguh gawe oge teu boga

 

Ngan kusabab teteh awewena

 

Modal cinta kumaha engke we lah jadina

Syukur geuning hirup aya jalanna

Najan teu leuwih dahar mah teu kurang

 

Syukur geuning hirup aya jalanna

Najan teu lewih baju mah teu kurang

 

Sanajan teu bru di juru

 

Sanajan teu bro di panto

 

Ngalayah di tengah imah

 

Pinuh kabungah taya kasusah

Teu aya sing nyaah

Lamun lain jeung teteh

Sakabeh awewe ngan teteh nu hese eleh

Euweuh nu nyaingan moal aya lawan

Teteh euweuh bandingan

Sinderela ge simpangan

Aa sadar lain calon tusom di baliho

Aa oge sadar teu kasep ciga Lee Minho

Tapi sing percaya pasti aya jalanna

Sabab rezeky moal pahili jeung tatangga

Hiji waktu aa pasti bisa

Nyandak teteh Sunmori ka Ukraina

Nyeblak di Rusia ngabakso di Cina

Meuli imah nu lega

Ameh euweuh nu ngahina

Lamun lain teteh awewena

 

Kelaanan kudu kawin harita

 

Lamun lain teteh awewena

 

Terus terang can hayang jadi bapak

 

Boro-boro rumah tangga

 

Pan geus puguh gawe oge teu boga

 

Ngan kusabab teteh awewena

 

Modal cinta kumaha engke we lah jadina

Syukur geuning hirup aya jalanna

Najan teu leuwih dahar mah teu kurang

 

Syukur geuning hirup aya jalanna

Najan teu leuwih baju mah teu kurang

 

Sanajan teu bru di juru

 

Sanajan teu bro di panto

 

Ngalayah di tengah imah

 

Pinuh kabungah taya kasusah

Ka lamun ayeuna aa can tiasa

Kadang mah teteh bocel masih sa aya aya

Sabab hirup mah da teu ciga ninyuh emih

Moal aya perah kudu ngalaman perih

Lamun heunteu jeung teteh mah

Sawios bedo

Ibadah tobat jalannya aa leuwih jero

Lain ukur kata-kata teteh sing percaya

Hiji tilu opat lima teteh

 

Teu aya duana